Pembina Ekskul Himpro


















SAMPURASUN!

Nepangkeun wastapun Syamsur Ramdhan Firdaus, Kuring gubrag ka alam dunya dina ping 22 Fébruari 1994 di Kuningan.  Kuring lahir ti kulawarga Bapa Ruskam Lubis sarta Ibu Eri Komariah, salaku anak bungsu ti opat dulur. Dugi ka danget ieu status Kuring masih kénéh lalagasan.

Padumukan kuring nyaéta di Dusun Kaliwon, RT 01/ RW 01, Désa Malébér, Kacamatan Malébér, Kabupatén Kuningan, Propinsi Jawa Barat.

Kuring asup sakola SD taun 1999 di SD Negeri 1 Malébér, sarta lulus SD taun 2005, tuluy diteruskeun ka MTs Negeri 1 Malébér lulus taun 2008, saterusna kuring asup sakola ka SMA Negeri 1 Lebakwangi lulus taun 2011. Sanggeus lulus SMA kuring neruskeun nyiar élmu pangaweruh di jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Daerah, STKIP Muhammadiyah Kuningan angkatan 2011.

Pangalaman organisasi kuring nyaéta: Pengurus OSIS di MTs Negeri 1 Malébér, Anggota Ikatan Mahasiswa Muhammadiyah, Anggota HIMA DIKBASTRADA éntragan katilu jeung Sekretaris HIMA DIKBASTRADA éntragan kaopat sarta Sekretaris KARANG TARUNA IKATAN PEMUDA PEMUDI KALIWON.
Cag…..